1.Mangsa Cikapundung Caina Herang
SN1387952688.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]
Panon kuring nu boa geus mimiti karijut
neuteup sisi walungan. Angger keneh walungan nu eta. Ngaranna ge angger keneh
Cikapundung. Ti bareto nepi ka ayeuna, kuring angger ngaliwat kadinya, da
ngan eta-etana jalan liliwatan lamun rek ka pasar. Sanajan loba nu robah,
tapi keur kuring angger neundeun panineungan nu moal bisa kapopohokeun. Mun
bareto mah sisi walungan teh rembet ku tatangkalan, kiwari mah ku nu daragang.
Poe eta mah kuring asa hayang ngawawaas maneh ka waktu nu geus kaliwat.
Gek milu diuk dina bangku panjang, tukang dagang cikopi. Hayang ngawaskeun cai
walungan. Boa moal lila deui ge kuring moal ngaliwat deui ka dieu, da umur teh
geus cueut ka hareup.
Bray dina wangwangan, pasosore ti
tonggohkeun barudak lalaki ngalabring, bari marawa ban keur ngojay. Terus
maranehna cucul-cucul rek marandi. Papakean disampaykeun kana gantar paranti
popoe. Gebrus marandi bangun nu suka bungah pisan. Beulah tonggoh aya curug,
caina ngagulidag. Gigireunana deukeut sedong aya gawir. Ti dinya barudak
nu marandi ngarajleng ngadon boksay, saterusna kokojayan papalidan
ka hilirkeun.
Unggal poe ge sok haneuteun lebah dinya
mah ku nu ngadon marandi, rereana urang jarauh beda lembur. Aya oge
nu ngadon ulin sisi walungan. Pamandangan endah pisan, komo lamun pasosore hade
poena. Nu nyeuseuhan bae aya. Sisi walungan tanahna datar lega pisan.
Barudak awewe ulin ucing-ucingan. Lamun bosen mah sok maen gatrik atawa
bebentengan, di sisi walungan nu liuh tur lega.
Kasubuhnakeun hawa karasa nyecep
tiis. Kuring lilir kageuingkeun ku sora beker disada, nandakeun pukul
lima kurang saparapat. Hawar-hawar kadenge sora cikipak-cikipung ti
kajauhan. Cai diulinkeun ku leungeun nu keur mandi nurutkeun iramana.
Jrut kuring turun ka walungan terus mandi. Mandi di walungan teu wani ke
tengah da tarik pisan caina. Di sisi oge rada jero. Karasa seger kana
awak. Beres mandi terus balik ka imah. Beuki lila poe maju ka beurang.
“ Tin nambut gilesan nya, upami moal
waka nyeuseuh mah ?” cek Ceu Adah.
“Mangga ceu, engke abdi mah rada siang.
Mangga bae bade dianggo mah,” tembal kuring.
“Tuh Ma Ecin mah tos beres deui nya
nyeuseuhanana,” cek Ceu Adah ngareret ka Ma Ecin.
“Muhun ieu kantun moe-moekeun,” tembal
Ma Ecin nyarita rada tarik. Mani asa nongtoreng keneh kana ceuli, eta paguneman
sisi walungan. Cikapundung mangsa caina canembrang herang, sok diparake
nyeuseuh jeung mandi.
Samemeh indit sakola kuring sok mantuan
heula Ema mangnyeuseuhankeun, ari nyangu jeung masak mah bagian Ceu Wawat,
lanceuk kuring. Poe harita kuring rada keueung rek ka cai subuh-subuh teh,
tara-tara ti sasari. Kabeneran aya Wa Endi. Kuring nuturkeun ti tukang, Wa Endi
ka hilirkeun. Isuk-isuk ti beulah kaler sora jalma ribut. Kuring nyampeurkeun
terus nanyakeun ka Ceu Adah aya kajadian naon.
“Aya naon Ceu asa rame ?” cek
kuring.
“ Eta aya nu palid, nyangsang palih
ditu.”
“Duka urang mana, tos pupus.”
“Istri atanapi pemeget Ceu ?”
“Istri cenah kinten-kinten yuswa genep
belas taunan.”
“Euleuh hawatos nya!”
“Muhun jigana teu damang,
panginten matak geubis ge.”
“Saurna mah nincak batu leueur,
tisorodot teras ka candak ku cai tarik.” Bi Ita nyambungan.
“Oh, kitu.” Paguneman eta ge asa
nongtoreng deui dina ceuli. Asa cikeneh kajadianana, asa kakara kamari. Padahal
geus puluhan taun lilana.
Kajadian aya nu palid geus leuwih ti dua
kalina kuring nyaho. Aya nu katulungan, aya oge nu terus jadi layon. Dina
mangsa caah gede rupa-rupa kaayaan hate jelema. Aya nu bungah, aya oge nu
sieun. Ari nu bungah tangtu bakal meunang untung, bisa ngecrik, bisa
nyair lauk nu paralid atawa lauk nu mabok. Ari nu keueung jeung sieun mah
nu boga imah sisi walungan, inggis kabawa umpalan mudal, imah kakeueum ku cai.
Malah geus kungsi urang dinya kudu ngungsi ka tempat nu rada luhur, sasabaraha
poe mah.
Ngan nyeta, asa dina panon deui wae,
tetenjoan satutasna caah. Kaayaan sabudeureun walungan kacida endahna.
Batu galede jeung nu laleutik parentul. Loba nu ngunjalan batu, keur
pondasi imah. Aya oge nu ngagunduk-gunduk keur jualeun. Tukang ngala
keusik kacida mucekilna. Keusik walungan mangrupa sumber kahirupan keur Pa Eme,
Pa Astar jeung Pa Enggot. Kaasup bapa kuring. Ayeuna mah kabeh ge geus
ngarantun. Bapa mah ngarahna teh batu laleutik, tapi lain jualeun. Beunang
milihan diasupkeun kana karung mangrupa ares, keur bahan campuran
ngabeton.
Ari Pa Astar, isukna geus bisa ngangkut
keusik tuus, beunang moe kamari. Keusik terus diakut, ditanggung, dijual ku
tukangna ka toko matrial Juragan Thohir. Inget keneh kurig ge, itunganana,
unggal 12 tanggungan diitung sakibik. Walungan Cikapundung harita, jadi sumber
kahirupan warga sabudeureun kuring. Inget keneh sakapeung sok aya mahasiswa
paguron luhur, resimen mahawarman nu ngadon latihan peperangan meuntas walungan
dina cai nu sakitu jerona. Ah, Cikapundung, gede pisan sumbangsih anjeun
kana kahirupan manusa mangsa harita, gerentes teh. Inget kana kasauran
Hajjah Mariyam, nutat surat Ar-Rahman, Nya ni’mat pangeran maraneh nu mana nu
ku maraneh dibohongkeun teh ? Maha berkah asma pangeran maneh, nu kagungan
kaagungan jeung kamulyaan, saurna basa nutup ceramah rutin, di masjid lembur
kuring.
“Bu bade cikopi?” cek tukang dagang,
ngareureuwas, asa ngagebah kuring, nu keur ngawawas, herangna Cikapundung,
mangsa harita. Kuring ukur gideug bari nganuhunkeun. Tamba era meuli pisang
goreng, sapuluh siki. Lalaunan cengkat, ninggalkeun walungan nu ayeuna mah geus
salin rupa, da pajamanan ge geus robah pisan. ***
Panglawungan 13
Ciwidey, Oktober 2013
2.Handphone
SN1382021708.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]
Hayang mah geus lila boga hp (hapé) téh.
Kuring kabita ku kikirilikanana hp nu kapiadi. Bubuhan geus boga gawé manéhna
mah, kabeuli hp. Hp teh jadi lifestyle, jeung jaga gengsi, pangpangna hareupeun
bébéné, keur nu geus boga mah. Ari keur nu can bogaeun mah nya keur gaul wé.
Atuh da lamun pareng wawawuhan jeung awéwé téh, sok marénta nomer hp.
Ayeuna geus kacumponan boga hp téh. Ku
kuring dipaké pikeun wawawuhan atawa komunikasi, boh jeung nu deukeut, boh
jeung nu jauh. Malah aya nu keur di Malaysia ngirim sms ka kuring. Cenah
manéhna téh pendengar setia RSI (Radio Singapura Internasional seksi
Indonesia) nu saban peuting didéngékeun ku kulawarga kuring. Resep sotéh,
bubuhan aya penyiarna nu urang Bandung, Entin ngaranna. Manéhna geus lila mukim
di Singapura. Kawas ngadéngékeun Hidayat Ranumihardja di Radio Australia. Asa
deukeut, jeung asa ka dulur, najan paanggang gé.
Enya tétéla geuningan ku hp mah,
ka luar negri gé bisa dipaké da aya perusahaan telekomunikasi nu
ngayakeun tarip husus pikeun user produk manéhna. Boga hp téh dipangmésérkeun
ku Ambu, indung kuring. Pédah aya sésa tina ngarenopasi imah, saurna.
Ngeunah-ngeunahna mah boga hp téh. Ngan
palebah marabanana yeuh, rada uleng. Alusna, boga hp téh, informasi gancang
katarima. Hayang panggih jeung nu kakara wawuh mah hasil tina chatting gampang
pisan atuh. Goréngna, mun aya sms iseng. Telepon iseng lolobana mah
miscall. Ayeuna mah diteundeun, disidem di kamar, da leungeun ateul,
hayang mencét waé tombolna. Teu ngasms pasti nelepon atawa maen gim. Jadi pusing
mikiran keur ngawaragadan pulsa-na. Aya éta gé pilihan harga, ti mimiti nu
tujuh rébu, sabelas rébu nepi ka ratusan rébu. Ngan angger wé lieur mikiranana.
Orokaya boga hp téh geuningan teu gampang, tetep wé kudu boga pangasilan.
Untungna deuih kuring sakapeung sok boga duit tina ladang nulis, cukup keur
meuli pulsa mah.
Nyeta atuh kakara sadar kuring ge
kabawakeun dikawasa ku teknologi canggih. Apan bareto mah keur can usum, indit
ka mamana tara ieuh mamawa HP. Teu naha teu nehe. Ari ayeuna mah teu bga HP teh
apan mani asa longkewang naker.
Geus dua kali hp téh contact service.
Tilu kali malahan mah. Kungsi nepi ka opat poena diservis téh, panyakitna téh
kitu jeung kitu waé. Bari mayarna mah angger, tapi teu walagri deui. Di pusatna
mah geuningan ngan ukur lima puluh rébu rupia. Jaba bisa ditungguan, ukur
saparapat jam, cageur deui. Gara-garana, éta hp murag tina saku calana dina
beus, dua minggu ka tukang. Maké rada ngarep-ngarep, iraha kabeuli deui hp.
Batan kapok kalah gawok geuningan. ***
Srigadis Juni 2013, Panglawungan 13
3.Léptop jeung Éntog
SN1371496765.jpg [Potrét/Ilustasi: ]
Ngaéh wé incu téh hayangeun léptop.
Meusmeus kurunyung ka imah. Teu beurang teu soré. Eukeur mah kana sapédah moal
capé, tambah-tambah da teu pati anggang teuing ti imahna téh ngan pédah
di perum. Ari kuring pan masih angger bumén-bumén téh di sisi
lembur, nu ngawates jeung perum.
Basa anyaran perum dibuka mah, kudu
nguriling jalan téh da dihalangan ku bénténg nu kacida tohagana. Ngan
duka teuing kumaha ka béhdieunakeun dijebol bénténg téh. Atuh bisa larsup boh
urang lembur, boh urang perum ka lembur. Asa jadi leuwih deukeut ayeuna mah
tinimbang baréto basa masih kudu jalan ka gerbang perum.
Matak teu anéh mun incu kuring
bulak-balik naék sapédah maké jalan meunang ngajebol téa. Meusmeus puncengis
meusmeus puncengis bari késang luut-léét na beungeutna. Jeungna deui, budak téh
deukeut ka kuring jeung ka ninina batan ka indung bapana. Tuda ti keur orok
kénéh diurusna téh ku kuring jeung ninina. Indung bapana mah digarawé,
baralikna tabuh lima soré.
Da éta wé hayang sapédah téh méntana ka
kuring. Tangka ngajual ségon sapuluh blék. Heueuh da karunya, ngagalekan wé
tacan dibéré mah. Éléh déét, kuring ngajual ségon meuli sapédah keur incu. Lin
nanaon, ari ngandelkeun indung bapana téh karunya, apan unggal bulan téh kudu
mayar cicilan imah, mangka sapuluh tauneun cenah.
Kajeun karung ségon di goah ngurangan
gé, suka wé ati téh. Kahayang incu geus kacumponan. Ngan orokaya, ayeuna mah
mun datang téh beuki remen. Kalan-kalan nepi ka aya lima kalina dina sapoé téh.
Meusmeus jol meusmeus jol. Lamun kuring jeung ninina suwung, disusul ka sawah atawa
ka kebon. Cicingna di imah teh ari geus daratang indung bapana.
Ku kuring jeung ninina, budak téh
dipénta ka si Ujang, ka anak kuring. Jawabna téh, ké wé bébéja heula ka
indungna, da ari alusna mah mending cicing di Abah di Ema, méh katalingakeun
sapopoéna.
Geus bungah haté téh. Geus yakin deuih,
indungna bakal ngidinan. Tapi jauh ti sangkaan, indungna teu ngidinan.
Cenah ari peuting tara bisa saré euweuh budak téh. Teu pararuguh.
Ngan poé Saptu mah sok dipapagkeun ka
perum ku kuring jeung ninina. Mani sok angkaribung sagala dibawa. Baju dua
setél, papan catur leutik, da incu teh resepeun kana catur. Atuh kantongna téh
mani metet, ditaklokkeun na tonggongna, ditungtun ku ninina. Ari kuring
kabagéan nunungtun sapédahna. Da embungeun numpakan incu téh, hayang ngaleut
cenah tiluan. Jaba kudu sumpang-simpang heula ka warung nu rayap di jero
komplék, meuli keur opieun engké peuting.
“Mending ditumpakan ku Aki nya sapédah
mah, Jalu!” ceuk kuring daria.
“Entong, pan méh dugina sareng ka bumi
Aki,” témbalna kalem. Kuring jeung ninina ukur nyéréngéh.
Resep di imah aya incu téh. Cacak ukur
saurang, da puguh turunan nunggal. Kuring anak nunggal, anak gé nunggal. Teuing
yeuh incu, boa nunggal deui waé, da geuning si Jalu geus umur sawelas taun, can
adian deui.
Ari aya incu ngéndong téh jadi sok
taranginas, boh kuring boh ninina. Bada salat Subuh téh Ninina langsung mirun
seuneu. Ngahaneut-haneutkeun dahareun. Ari kuring mah sok langsung naék tarajé,
nyokot endog tina paranjé. Ukur dua siki, keur incu. Da karesepna téh endog
digoréng satengah mateng dikécapan. Kitu wé ari mumulukna téh. Teu
ngarudetkeun. Talunganan kuring, mumuluk gé kudu waé aya angeun. Butuh caina
ari geus kolot mah dahar teu maké kuah téh sok asa melag waé na tikoro. Nya
pama euweuh angeun mah, sok nyagigirkeun cai na emuk gedé. Dibantuan ku cai
neureuyna.
Bérés mumuluk, karék kuring ngurus
ingon-ingon. Hayam, éntog, domba, ngajajar di tukangeun dapur kandangna téh.
Incu sok resepeun mun geus nempo kuring ngurus ingon-ingon téh. Sok milu
maraban. Komo ayeuna éntogna keur kajadian. Ampir ngaratus ayeuna éntog téh.
Kandang gé méh pinuh. Geus diajam ta gé, deuk nyieun deui kandang dua petak mah
khusus keur éntog. Da énténg nyieun kandang éntog mah teu kudu maké tihang,
asal aya cai kokocoran wé. Ngan tacan aya waktu, da puguh keur ngaseuk kacang
jeung jagong minggu-minggu kamari mah. Ké sugan minggu isuk, da geus nitah
nuaran awi mah ka si Nono.
“Aki, éntog téh mani jadi nyeueuran?”
ceuk incu bari ngawurkeun beunyeur ka éntog nu karék sagedé-gedé peureup
manéhna.
“Apan sababaraha hiji nu malegarna gé.
Kéh minggu isuk aya dua bibit deui nu malegar sugan wé kajadian,” témbal téh
bari ngurah-ngaréh parab nu meunang nyampur jeung beunyeur dina panci butut.
“Meuncit, Ki?” tanyana bari seuri.
“Luas kitu Jalu ngadahar dagingna?”
kuring malik nanya.
“Aaah, entong kétah, Ki! Karunya! Keun
wé sina baranahan, méh buruan Aki téh pinuh ku éntog! Jadi lautan éntog!” ceuk
incu bari nyeuleukeuteuk seuri. Kuring gé seuri. Ninina ngelol tina panto
dapur. Kapiasem meureun ngareungeu omongan incuna.
“Naon nu jadi lautan éntog téh, Jalu?”
ceuk ninina bari seuri.
“Enya, pakarangan Nini! Engké téh lamun
éntogna geus ngarébu, bakal jadi lautan éntog. Wah resep meureun, Ni! Mun
maraban téh récok, paboro-boro,” omong incu mani sumanget kawas nu enya.
“Lain resep, Jalu! Bingung marabna kudu
kumaha? Ieu gé ukur saratus punjul saeutik, sakarung huut téh ukur dua poéeun,“
témbal ninina.
“Ngagodogna dina naon? Dina dreum?”
tanya téh. Ninina jeung incu sareuri.
“Kadé, Jalu, tong tarik teuing
ngeukeuweuk anak éntog téh, bisi paéh,” ceuk kuring barang karérét incu keur
ngeukeuweuk anak éntog nu sagedé peureup.
“Leupaskeun, Jalu! Bisi dilodok kéh ku
indungna,“ ninina mairan.
Geuwat anak éntog téh diécagkeun.
Tereleng lumpat muru indungna nu keur jongjon lolodok dahareunana .
Nepi ka panon poé geus karasa rada
panas, maraban ingon-ingon bérés.
“Nam, Jalu urang ka imah! Boga opieun si
Nini mah geura!” ceuk kuring bari cengkat. Da enya, apan kamari ninina téh
nyieun ulén mani sanyiru. Ngahaja nyadiaan incu. Pan incu téh karesepna kana
ulén, wajit, bugis, peuyeum ketan. Sagala rupaning kadaharan nu bahanna tina
ketan. Geus puguh opak ranginang mah, kudu aya sapopoé. Mana sawah téh nu dua
kotakan galedé mah ngahaja dipelakan ketan.
Ninina jongjon wé ngagoréngan ulén. Nu
geus asak mah ditunda na luhur piring léah.
“Tah geuning, sok kainyah, Jalu! Ngopi
heula meungpeung haneut,” ceuk ninina bari ngalieuk ka incu. Teu kudu
ngaduakalian, kedewek kana ulén, belewek, ngan dua kali ngégél. Béak. Kari cupak
capékna wé. Peresis bapana, kana ulén téh leuwih-leuwih ti manggih bolu.
“Deuk tas lohor wae mulang téh, Jalu?
Keun wé dianteurkeun deui ku Aki jeung Nini ka Perum mah. Ulah nepi ka
dipapagkeun ku mamah, karunya capéeun!” Ceuk kuring bari ngoérkeun lebu nu geus
numpuk na liang hawu.
“Da moal ka Perum! Rék ngéndong deui di
dieu!” omongna daria. Kuring jeung ninina silih pelong. Na kunanon tara-tara,
pan biasana gé sok sieun ku bapana mun dék undang-endong téh kudu kuring jeung
ninina nu menta ijinna.
Ninina surti, rét ngarérét ka kuring
bari seuri konéng.
“Uluh, sukur wé Jalu deuk ngéndong di
Nini mah! Atoh Nini mah.”
“Keun bé, bébéja ka si Apa mah ku Aki ka
perum,” akina mairan.
“Naha teu gugur teu angin bet hayang
ngéndong, Jalu?” tanya ninina.
Incu tungkul. Tapi teu lila pok ngomong,
bari mencrong ka kuring.
“Kaka téh hayang léptop, Ki! Da Kaka téh
geus kelas lima ayeuna téh. Geus tiasa Kana komputer. Réréncangan Kaka teh tos
seueur nu garaduheun. Ari Kaka teu gaduh,” omongna daria.
Sok digeroanana téh Kaka ku indung
bapana atawa ku babaturanana. Ukur kuring jeung ninina nu nyebut Jalu téh. Tapi
da manéhna geus ngeunaheun disebut Jalu téh.
“Ari ceuk Apa kumaha? Rék
dipangmésérkeun moal?” tanya téh panasaran. Sabab kuring teu pati ngarti, naha
ari léptop diperlukeun pisan kitu keur budak saumur si Jalu? Kuring teu apal.
Da puguh éta mah barang kiwari. Baréto mah taya léptop taya komputer.
Mana ngeusian waktu téh ukur ku ngurus ingon-ingon wé. Domba, hayam, éntog,
atawa ngurus palawija jeung sawah.
“Moal cenah, Ki! Da awis léptop mah,“
témbal incu.
“Sabaraha ratus rébu?” tanya téh
panasaran.
Keun waé keur kasukaan incu mah deuk
meuli wé najan kudu ngajual paré gé. Ongkoh bakal agul incu bogaeun léptop.
Jadi kuring nyaho, nu kumaha ari léptop téh, da tacan pernah nempo
jungkiringna. Ngadéngé gé ngaranna karék ayeuna. Ari ngaran komputer mah geus
wawuh, da kungsi nempo di imah anak di perum. Léptop mah lebeng, can kabayang,
kumaha rupana kumaha bungkeuleukna.
“Sanés ratus rébu, Ki! Jutaan.” Ceuk
incu bari kerung, kawas nu geus putus harepan. Kuring silih pelong jeung
ninina. Ninina unggut-unggutan. Kuring surti.
“Enya atuh rék mondok mah, Aki deuk
laporan ka perum ka Apa. Bisi deudeupeun.” ceuk kuring datar. Incu unggeuk semu
atoh.
Sapeupeuting badami jeung ninina. Da
incu mah geus ngageubra saré di enggon hareup paranti baheula bapana. Hasil
kuring tadi soré ngobrol jeung anak dibéjakeun ka ninina, yén léptop téh mémang
kacida dipibutuhna ku barudak téh. Barudak bisa nempo dunya tina léptop. Bisa
diajar sagala tina léptop. Ngan teu dipangmeulikeun téh cenah taya duitna. Kitu
ceuk anak téh.
“Jadi penting léptop téh?” tanya
ninina panasaran.
“Nya heueuh! Ngan pédah anak urang wé
teu bisa mangmeulikeun da teu bogaeun duitna,” témpas téh.
Sajongjongan duaan ngaharuleng. Mani
simpé pisan, da puguh geus peuting. Ukur sora sasatoan wé nu jéntré kadéngé
téh. Komo sora jangkrik mah mani écés naker, da tukangeun, gigireun imah
téh kebon sampeu wungkul.
“Kumaha atuh lamun éntog wé urang jual
ka bandar! Kabéh wé jual bisi teu cumpon keur meuli léptop mah. Rido kami mah!
Rido da keur incu!” ceuk ninina bari neuteup kana beungeut mani seukeut. Sieun
teu diidinan meureun.
“Nya panuju kami gé! Pék waé. Ngan urang
teu nyaho, di mana kudu meulina, naon mérekna? Teu apal!” jawab téh. Katémbong
beungeut ninina nu tadi salempang téh jadi béar marahmay.
“Sukur lah ari di dinya panuju mah! Isuk
kami deuk ka si Gagah bandar éntog urang Girang.” Ceuk ninina mani haget.
Kuring ukur unggut-unggutan. Teu
kacipta, ti mimiti poé isuk, kuring bakal bébas tina ngolah parab éntog. Moal
maraban éntog! Moal ngagiring-giring éntog, ngandangan! Bakal bébas. Tapi naon
gawé atuh? Ukur maraban hayam mah da ukur hayam salikur siki. Ganti waé kitu
pagawéan téh ku mukaan léptop, méh bisa nempo dunya? Pan kitu lin ceuk anak
kuring gé, léptop téh lawang keur mukakeun panto dunya. Na bisa kitu
ngagunakeun léptop? Nyaho rupana gé hanteu!” biwir nyéréngéh sorangan. Nini si
Jalu ngarérét.
“Naon sura-seuri?” rada teugeug nanyana.
“Lain nanaon, kabayang mun éntog geus
jadi léptop téh, kami kaleungitan pagawéan maraban éntog!”
“Bé lah! Nu penting incu urang pinter,
bisa nempo dunya tina léptop,” mani sumanget ninina téh ngajawab. Kuring
nyéréngéh seuri.***
Sukasari 2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar